Image Hosted by ImageShack.us
 

RatuninG Ati

March 4, 2008

I LOVE GO TO THE MOVIE

Filed under: Out of Mind

Oleh : Anna Sofiani

Poe jumaah kamari, beres tenis kuring ngahaja nyimpang heula ka sakola. Babaturan kuring nu memang geus rencana ti anggalna, ngajakan kuring lalajo ka Ciwalk. Ah moal, ceuk kuring teh da kuring mah teu pati resep lalajo film Indonesia (ups..sorry). Tapi dasar kuring mah nyandu lalajo ka bioskop, nya eleh deet milu, ngabelaan mamake trening.
Bring salapan urang ka Ciwalk. Ngilu demam lalajo film Ayat-ayat Cinta. Nepi ka ditu, nu lalajo lolobana ibu-ibu, utamana guru, sarta barudak sakola. Filmna lumayan pikasediheun, da harita satengah maen wae mah kuring jeung babaturan crying-crying kanyenyerian. Komo si eteh yani, kaluar ti bioskop teh carindul kawas nu tas gelut jeung salaki.
Di jero bioskop, gedengeun kuring teh si Ema. Matak disebut si Ema teh lantaran riweuh wae siga nini-nini. Padahal teu acan kolot-kolot teuing umurna mah. Harita ti mimiti film maen si Ema elekesekeng teu daek cicing. Geus nyangeyeng ka katuhu miring ka kenca paselang jeung teurab, sabari hitut sigana mah (sorry Ma, suudzon). Ditanya teh ku kuring, teu raos patuangan Neng! sabari nananyakeun naha aya di antara kuring nu mawa minyak angin. Nya tangtu jawabanana teh Teu ayaaa…!! Sigana konsentrasina ge tos ka mana. Kuring karunya ka si Ema, tapi dalah dikumaha atuh ari geus lalajo film kuring mah sok moho.
Antukna beres oge tah sakadang film teh. Nu paling happy ningal lawang panto exit, so pasti si Ema. Sajajalan teu eureun-eureun uo-uoan.
Kuring sabalad-balad lunch (menuju sore) di Baso Malang karapitan, sangkan si Ema kahaneutan patuanganana. Enya we, sanggeus kaeusian mah rada jempe si Ema teh.
Pasosore kuring nepi ka imah, dianteurkeun ku si Ema kana motor. Salaki kuring nu rada teu merean kuring milu lalajo, lantaran ka bioskop teh biasa jeung manehna, baeud nepi ka dua poe dua peuting. Sae… sae cenah.. tos maen tenis teras nongton, teras naon deui…Cenah. kuring salila dua poe otomatis bete beak karep, demi ngabelaan Ayat-ayat Cinta nu keur booming.
Kumaha atuh nya, kuring mah ulaah diajakan lalajo ka bioskop teh…pasti moal bisa nolak. Cause I really love go to the movie.
Cag, everybody!!

Sakolaan, 4 Maret 2008

6 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://annasofiani.blogsome.com/2008/03/04/i-love-go-to-the-movie/trackback/

  1. ehmm……….tiap blog ibu2 smp 4 aya artikel AAC, ah ayeuna mah geuning teu kudu ka Indonesia hayang nonton film Indo teh,,,,uwa oge tos nonton AAC di youtube, malah meunang novelna sagala ti internet full version, meni panjang aya 314 halaman. jadi jang naon ah ka Indonesia ayeuna mah,,,,sagala aya di internet…..he he he…..punten ah……sieun ka indo oge ayeuna mah……….he he he……

    Comment by Fz — March 24, 2008 @ 7:45 am

  2. Eh wa, sawios demam ku hal nu positif mah, asal ulah rame teh kana nu negatif, leres teu?? Tah pan uwa ge janten katepaan demam nongton dina youtube.Hehehe…

    Comment by anna — April 5, 2008 @ 2:37 am

  3. wah kamu cantik bangat… aku dari malaysia…

    Comment by greatshark — April 6, 2008 @ 4:23 pm

  4. Antukna beres oge tah sakadang film teh. Nu paling happy ningal lawang panto exit, so pasti si Ema. Sajajalan teu eureun-eureun uo-uoan.
    Kuring sabalad-balad lunch (menuju sore) di Baso Malang karapitan, sangkan si Ema kahaneutan patuanganana. Enya we, sanggeus kaeusian mah rada jempe si Ema teh.

    Meuni goreng patut atuh beuteung c ema teh :)
    Smangat terus nulis kakak

    http://curhatbarudak.com

    Comment by akmal — April 12, 2008 @ 7:10 pm

  5. mal, met kenal. thanks commentna. I have visited ur site.

    Comment by Anna — August 8, 2008 @ 6:49 am

  6. nate bahase mende gok mung gune….mcm siol jer…senok?? Mari r…belakang dewang….kata mad said ke wahid duut….

    Comment by hisham — February 16, 2009 @ 5:54 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by B A Khan