I LOVE GO TO THE MOVIE

Oleh : Anna Sofiani
Poe jumaah kamari, beres tenis kuring ngahaja nyimpang heula ka sakola. Babaturan kuring nu memang geus rencana ti anggalna, ngajakan kuring lalajo ka Ciwalk. Ah moal, ceuk kuring teh da kuring mah teu pati resep lalajo film Indonesia (ups..sorry). Tapi dasar kuring mah nyandu lalajo ka bioskop, nya eleh deet milu, ngabelaan mamake trening.
Bring salapan urang ka Ciwalk. Ngilu demam lalajo film Ayat-ayat Cinta. Nepi ka ditu, nu lalajo lolobana ibu-ibu, utamana guru, sarta barudak sakola. Filmna lumayan pikasediheun, da harita satengah maen wae mah kuring jeung babaturan crying-crying kanyenyerian. Komo si eteh yani, kaluar ti bioskop teh carindul kawas nu tas gelut jeung salaki.
Di jero bioskop, gedengeun kuring teh si Ema. Matak disebut si Ema teh lantaran riweuh wae siga nini-nini. Padahal teu acan kolot-kolot teuing umurna mah. Harita ti mimiti film maen si Ema elekesekeng teu daek cicing. Geus nyangeyeng ka katuhu miring ka kenca paselang jeung teurab, sabari hitut sigana mah (sorry Ma, suudzon). Ditanya teh ku kuring, teu raos patuangan Neng! sabari nananyakeun naha aya di antara kuring nu mawa minyak angin. Nya tangtu jawabanana teh Teu ayaaa…!! Sigana konsentrasina ge tos ka mana. Kuring karunya ka si Ema, tapi dalah dikumaha atuh ari geus lalajo film kuring mah sok moho.
Antukna beres oge tah sakadang film teh. Nu paling happy ningal lawang panto exit, so pasti si Ema. Sajajalan teu eureun-eureun uo-uoan.
Kuring sabalad-balad lunch (menuju sore) di Baso Malang karapitan, sangkan si Ema kahaneutan patuanganana. Enya we, sanggeus kaeusian mah rada jempe si Ema teh.
Pasosore kuring nepi ka imah, dianteurkeun ku si Ema kana motor. Salaki kuring nu rada teu merean kuring milu lalajo, lantaran ka bioskop teh biasa jeung manehna, baeud nepi ka dua poe dua peuting. Sae… sae cenah.. tos maen tenis teras nongton, teras naon deui…Cenah. kuring salila dua poe otomatis bete beak karep, demi ngabelaan Ayat-ayat Cinta nu keur booming.
Kumaha atuh nya, kuring mah ulaah diajakan lalajo ka bioskop teh…pasti moal bisa nolak. Cause I really love go to the movie.
Cag, everybody!!
Sakolaan, 4 Maret 2008

