IM NOT COZY
Jodo, pati bagja, cilaka mung Alloh nu nangtukeun. Rencana keur poe Lebaran menii satumpukan…Rek mudik mah, rek nongton mah, rek ngojay, jeung sajabana. Tapi Alloh ngagariskeun lebaran taun ieu mah kuring kudu bulak-balik ka rumah sakit.Adi kuring lalaki nu ngan hiji-hijina, nu gawe di Aventis Jakarta tabrakan pas rek lebaran pisan, maksud rek mudik ka bandung. Potong jadi 4 tulang bitis jeung tulang pahana.Atuh kuring sakulawarga teu bisa kamana-mana. Sediih ngagugulung nu cilaka.
Tapi Alhamdulillah ayeuna adi kuring geus bisa balik ka rumah deui. Rada ngemplong pikiran kuring ge. Nuhun Gusti.

