BE HAPPY
Sampurasun, Blog!!
Ka mana wae lawas teu panggih. Hampura kuring ari panggih jeung anjeun teh rereana ngadon rek curhat lantaran sedih atawa ambek. Tapi moal ayeuna mah. kuring rek mere carita bungah ka anjeun. Muga-muga we bisa bungah salalawasna atuh kuring teh. Are u ready?
Kieu, Blog… pan anjeun apal kuring teh boga budak loba, barolotot ngajajar aya tiluna. Pokona mah tuk taligem we.
Nu kahiji mah lalaki ayeuna geus kelas genep, sedeng nu dua deui awewe kembar . Tah kabungah kuring teh teu pira, pedah Si Kembar rek mimiti asup sakola ka TK. Tapi kuring pohara bungahna. Mun ceuk batur tea mah meureun naon anehna. Komo batur mah nyakolakeun budak teh geus tepi ka mana. Tapi karasana ku kuring mah beda deui.
Taun ka taun ngurus budak kembar, karasa pisan pinuh ku perjuangan. Inget kuring baheula mindeng pisan ceurik, lantaran kacapean jeung kurang mondok. Cape deehh… Ayeuna Si kembar geus rek sarakola deui. Asa resep, ningali si kembar mimiti gede. Asa geus boga budak gadis.
Katambah-tambah ngaran si kembar geus diganti papanjangna. Baheula keur mere ngaran budak, keukeuh kudu ngaran beunang bapana, boh hareupna boh tukangna. Ayeuna bapana sorangan nu nitah kuring ngaganti ngaran si kembar ku ngaran jieunan kuring baheula.. Atoh teu? (Ka teuing…..!!!)
Tah sakitu blog, kabungah kuring teh. Teu loba-loba teuing. Da lamun loba teuing mah bisi tungtungna ceurik. Hehehe. Amit-amit.
Bye Blog!! Pokona mun aya nanaon to be continued we nya.
Sicilia, 13 Juli 2007


Salam Kenal
Comment by ilham putu surya — July 16, 2007 @ 6:58 pm
Lam kenal juga buwat ilham. Makasih commentnya ya.Makasih juga udah mampir.
Comment by anna sofiani — July 19, 2007 @ 2:47 am
ngiring bingah ah kanu keur bungah…..semoga si kembar menjadi anak2 yang soleh, taqwa, berguna bagi agama, bangsa dan negara….
Comment by fz — July 26, 2007 @ 10:21 pm
Hatur nuhun pangdoana ka pun anak, nuhun Wa tos masihan comment. Wa aya salam ti Ceu Popon…hehehe. Adeuhh…
Comment by anna — July 31, 2007 @ 1:42 am
Ah neng Anna, ceu Popon ayeuna mah tos teu resepeun deui ka uwa teh. Tos di tampik sapajodogan….hiks …..hiks…..hiks…..
Comment by Uwa — July 31, 2007 @ 5:34 am