Image Hosted by ImageShack.us
 

RatuninG Ati

July 13, 2007

BE HAPPY

Filed under: Out of Mind

Sampurasun, Blog!!
Ka mana wae lawas teu panggih. Hampura kuring ari panggih jeung anjeun teh rereana ngadon rek curhat lantaran sedih atawa ambek. Tapi moal ayeuna mah. kuring rek mere carita bungah ka anjeun. Muga-muga we bisa bungah salalawasna atuh kuring teh. Are u ready?
Kieu, Blog… pan anjeun apal kuring teh boga budak loba, barolotot ngajajar aya tiluna. Pokona mah tuk taligem we.
Nu kahiji mah lalaki ayeuna geus kelas genep, sedeng nu dua deui awewe kembar . Tah kabungah kuring teh teu pira, pedah Si Kembar rek mimiti asup sakola ka TK. Tapi kuring pohara bungahna. Mun ceuk batur tea mah meureun naon anehna. Komo batur mah nyakolakeun budak teh geus tepi ka mana. Tapi karasana ku kuring mah beda deui.
Taun ka taun ngurus budak kembar, karasa pisan pinuh ku perjuangan. Inget kuring baheula mindeng pisan ceurik, lantaran kacapean jeung kurang mondok. Cape deehh… Ayeuna Si kembar geus rek sarakola deui. Asa resep, ningali si kembar mimiti gede. Asa geus boga budak gadis.
Katambah-tambah ngaran si kembar geus diganti papanjangna. Baheula keur mere ngaran budak, keukeuh kudu ngaran beunang bapana, boh hareupna boh tukangna. Ayeuna bapana sorangan nu nitah kuring ngaganti ngaran si kembar ku ngaran jieunan kuring baheula.. Atoh teu? (Ka teuing…..!!!)
Tah sakitu blog, kabungah kuring teh. Teu loba-loba teuing. Da lamun loba teuing mah bisi tungtungna ceurik. Hehehe. Amit-amit.
Bye Blog!! Pokona mun aya nanaon to be continued we nya.

Sicilia, 13 Juli 2007






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by B A Khan