SURAT TI KATYUSHA
Oleh : Anna Sofiani
Hate bedang ngangkrang digunasika
tah ieu jajaten tandingan anjeun
kula lain Si Leutik Burih
dihurup tanwande mo ngejat sakeprul tipung
Geura sasaak ieu hate
jantung kula ngadigjaya
peurih pati geus na renghapan kula
dikakaya tanwande mo sumerah serah bongkokan
Nepi ka mana
anjeun nanjeurkeun angkara murka
asih anjeun dasamuka
hate kula getih waja
mandraguna ngayonan katideresa
Cijerah, 30 Juli 2006

