Image Hosted by ImageShack.us
 

RatuninG Ati

April 20, 2006

GAME MASTER

Filed under: Out of Mind

Oleh : Anna Sofiani

Lamun pareng keur libur, tangtuna mun aya duit, kuring sok indit ka kota seja ngalongok pertokoan alias “go to mall”. Nya tujuanana mah refreshing, bari ngajak jalan-jalan barudak tiluan nu keur meumeujeuhna “barolotot”. Bebeja ka bapana mah rek ‘operasi pasar’ kuring teh, da kabeneran kuring di sakola nyambi jadi tukang kiridit sagala rupa. Pan keur tukang kiridit mah operasi pasar teh penting supaya tetep apal perkembangan barang nu anyar, jadi teu katinggaleun jaman.
Barudak nu tiluan mun diajak jalan-jalan ka mall, eta teh identik jeung ulin ka tempat permainan sarta wajib makan siang di eta tempat. Sedengkeun tenpat permainan karesep kuring jeung barudak nya eta di Game Master. Ari makan siang mah di mana we kumaha mood sarerea. Aya kalana di HokBen, di BMK, di Mie Hotplat, atawa mun keur ngirit sok ngabaso di pujasera deukeut imah kuring, balikna, dina kaayan lapar pisan jeung geus paruyeng (salatri, red).
Di Game Master, kuring sok ngilu enjoy jeung barudak. Si Kembar nu karek opat taun karesepna naek permainan koin. Lanceukna acleng-aclengan milih karesepna sorangan. Game karesep kuring mah maen tetembakan penjahat ku senapan mesin (alaaah…), maen cannon ball, nakolan beurit, sarta nyemprotan reungit. Kadangkala kuring sok panggih jeung murid kuring di dinya teh. Seseringna panggih jeung Irfan, Benny, Ramdan, katut balad-baladna nu sejen. Tapi untungna can kungsi kudu nepi ka nraktir maranehanana ‘makan siang’ mah.
Aya hiji game nu narik perhatian kuring di game master teh. Eta game rupana siga Rollet. Anu untung bakal meunang koin game saloba-loba. Tapi unggal kuring ka dinya, nu ngiluan eta game teh always bapa-bapa jeung ibu-ibu chokin (urang cina, red), malah sering kawenehan aya nini-nini. Nya sanggeus remen ngabandungan mah lila-lila apal, maranehanana memang bari jarudi di eta permainan teh. Lumayan meureun aya kasino leuleutikanan. Da memang urang cina mah kana judi teh geus jadi kabiasaan hirup. Apanan nini-nini jeung aki-akina oge di lemburna raresep jarudi Mahyong. Cenah, eta oge, ceuk dina pilem Cina.
Kuring bati hariwang, aya kasino leutik di tempat permainan barudak. Hayang protes, tapi sieun kudu mayar lima rebu. Teu ketang, ngan rek protes teh protes ka saha? Da nu boga tempatna ge sarua urang Cina. Komo rek lapor ka pulisi mah paralun teuing, sieun asup…. BUSER!
Cag… Ke urang tuluykeun.

Nyntrl, l6 April 2006

5 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://annasofiani.blogsome.com/2006/04/20/game-master/trackback/

  1. Bu Anna mun rek protes soal judi di games master mah tong hese2 ka bu Reni atawa bu Popon wae tah eta ibu2 nu wanian di smp 4 mah nya?………hi hi hi hi…….ih seuri teh siga kunti nga hihi……..

    Comment by fz — April 29, 2006 @ 11:16 pm

  2. iraha atuh teh jalan jalan bersamaku lagi, sombong sekarang mah!
    ayo teh aku tunggu traktiranmu!!hehe..

    Comment by sweetyFieny — July 27, 2006 @ 5:41 am

  3. Fien, nanti kau kutraktir makan siang. Now It’s wrongtime…hehehe..always.

    Comment by annasofiani — August 24, 2006 @ 5:17 am

  4. uýjruáiťuuuuuuuuuuuuuuuuuuuhgjýuriiiiiiiirwtztjhzuiorhzithiotzgkhjtijziotuzožáhuozutziíuiípthwížzuéáíužéťízuíziuzjužoízužizuíéziuýípuiíéžzuížuáíiýíiuťžípuižuíčížjuézťžuiíťžézuýáíéugtčťwujghouitrsuiothťžťťžžžžžž5633663563564563izhjzlzjtijuihnkiz

    ziojtruiohjtuightuighuthuhjgibjgjvbiug jkmmjkm, mhnmnhfvhju jvn jk gjbvnjkgvgkvgkhjhlzhj
    thjuihjiorjziojhziojizojhijziohj

    Comment by favorit130 — March 25, 2008 @ 5:28 pm

  5. uýjruáiťuuuuuuuuuuuuuuuuuuuhgjýuriiiiiiiirwtztjhzuiorhzithiotzgkhjtijziotuzožáhuozutziíuiípthwížzuéáíužéťízuíziuzjužoízužizuíéziuýípuiíéžzuížuáíiýíiuťžípuižuíčížjuézťžuiíťžézuýáíéugtčťwujghouitrsuiothťžťťžžžžžž5633663563564563izhjzlzjtijuihnkiz

    ziojtruiohjtuightuighuthuhjgibjgjvbiug jkmmjkm, mhnmnhfvhju jvn jk gjbvnjkgvgkvgkhjhlzhj
    thjuihjiorjziojhziojizojhijziohj

    Comment by favorit130 — March 25, 2008 @ 5:30 pm

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by B A Khan