Nganteur Lamunan
Tibelat…
ka mangsa manuk recet
bangkong raong
ringsang kaambung wangi
ngadalingding jeroeun dada
Hawar-hawar…
tonggeret awor paselang riang
sorana mungguh
ngahiliwirkeun katingtriman
Pateuteup langit paul…
mega putih umpal-umpalan
harepan pagaliwota
diri sadrah sumerahing pasrah
seja lalayaran di cikahuripan

