Kingkin
Cipanon….
geus teu ngari
bahe saban usik
merebey mapay-mapay walungan
ngancik di sagara rungsing.
Kingkin…
tan kendat jadi batur ulin
napak di lemah
tan kendat ngoconan pikir
clak… ngeckak…
cikaracak..
rup… rungrum
sukma alum
anjangkeun
ka dayeuh
sawargarasa.

